H. Ilah - Pupujian Sunda

Eling-eling ikhwan-ikhwan

sing emut kana wiwitan,

ereunan kamaksiatan

masing emut ka pangeran

Emutkeun siksa'an kubur

nu aya dina pitutur,

emutkeun sadaya dulur

ameut pedih siksa kubur

Siksa kubur ngawitanana,

teu kapendak reujeung jalma,

sumaweunteun ibu ramana

kajaba padung baturna

Bongan maneh bongan maneh

di dunia na sok nyampoleh,

kapan maneh bakal paeh,

kapan maneh bakal paeh

Nyawa di pundut ku gusti,

manan kudu ati ati,

ka ibadah sing gumati,

ka ibadah sing gumati

Ngarasanan keur sakarat,

nyeurina kaliwat-liwat,

kana shalat sok di liwat,

embung ngalampahkeun shalat

kaduhung kaliwat langkung,

henteu nyembah ka yang agung,

sakarat nyeuri kalangkung,

paehna teu menang embung

Subscribe to receive free email updates: